-
MATÉRI WARTA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna.