-
MATÉRI BIANTARA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Dina kamus basa Sunda R.A. Danadibrata (2006), yén nu disebut biantara téh nyaéta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema. Biantara atawa pidato ogé disebutkeun mangrupa nyarita dihareupeun balaréa, jalma réa (Sacadibrata,2005:72).
-
CONTO WAWACAN BASA SUNDA SMA KELAS 11
Ganti anu dicarita, Sang Prebu Siliwangi, manahna héran kacida, ku panganggo Nyi Nawangsih, ana nya ku héran teuing, paré saranggeuy geus tangtu, paréntah teu daék béak, taya sudana saeutik, unggal taun leuit kudu baé tambah. Nu kumaha kapiatina, ayeuna meungpeung keur sepi, haying nyaho rék ditéang, panganggona Nyi Nawangsih, Sang Prebu tuluy indit, seug lajeng asup ka dapur, tatapina éta raja, hanteu jongjon rada risih, hanteu kaur balas nyoréang ka tukang. Ti dinya tuluy dibuka, sadayana ditingali, Raja hookeun kacida, ngahuleng barina dzikir, na kumaha héran teuing, nyaur dina jero kolbu, langkung pinter Nawang Wulan, panganggona langkung leuwih, ngan saranggeuy berkatna kabina-bina.
-
MATÉRI WAWACAN BASA SUNDA SMA KELAS 11
wawacan téh carita anu lalakonna panjang sarta ditulis maké patokan pupuh. Unggal ganti episodeu biasana dina wawacan mah sok dibarengan ku gunta-ganti pupuh. Pupuh anu méh salawasna digunakeun dina wawacan nyaéta asmarandana, dangdanggula, kinanti, sinom. Maca wawacan biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun saluyu jeung lagu jenis pupuhna. Upama caritana dianggit ku patokan pupuh asmarandana, nya kudu bari ngahariringkeun pupuh asmarandana, kitu saterusna. Upama teu bari ngahariring mah bakal hésé kahartina, lantaran kekecapanana ngudag kana guru lagu jeung guru wilangan.
-
CONTO BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan. “Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.
-
MATÉRI BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Ari nu disebut biografi nya éta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna téh biasana mah ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu diangap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha lahirna, di mana waé kungsi sakolana, jeung naon waé pagawéanana. Anu penting aya dina biografi nya éta ngeunaan kaunggulan éta jalma nu dianggap tokoh téa jeung préstasi nu kungsi kahontalna. Di sagigireun éta, sok dipedar deuih pangalaman istiméwa anu dianggap penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hadé atawa tuladeun nu aya mangpaatna keur jalma réa.
-
KUMPULAN SOAL CARITA PANTUN SMA KELAS 12
1. Nurutkeun hidep naon ari carita pantun téh? 2. Lamun nilik kana guluyuran caritana, cik kumaha struktur carita pantun? 3. Ari rajah dina carita pantun téh naon baé fungsina? • rajah pamuka? • rajah panutup (rajah pamunah) 4. Naon anu disebut papantunan? Jéntrékeun ku hidep! Jawaban Pancén 2 (Buku Basa Sunda Urang Kelas XII, Kaca 123-129) https://sundatve.com/materi-carita-pantun-basa-sunda-sma-kelas/
-
TINGKESAN CARITA PANTUN BASA SUNDA SMA KELAS 12
LUTUNG KASARUNG Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang harita nyaéta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngaranna: Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari, anu panggeulisna.
-
MATÉRI CARITA PANTUN BASA SUNDA SMA KELAS 12
sebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan.