-
KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
1. Baruang ka nu Ngarora, Gogoda ka nu Ngarora, Rusiah nu Goréng patut kaasup kana wanda…. a. carpon b. puisi c. novel d. dongéng 2. Novel munggaran di tatar Sunda nyaéta…. a. Gogoda ka nu Ngarora b. Baruang ka nu Ngarora c. Handeuleum Na Haté Beureum d. Rusiah nu Goréng Patut 3. Novel Baruang ka nu Ngarora minangka novel munggaran di tanah Sunda ogé cikal bakal novel di Indonesia. Novel Baruang ka nu Ngarora ngamimitian dicitak dina taun….. a. 1912 b. 1914 c. 1915 d. 1916
-
SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
Karakter Jang Udin anu dicaritakeun dina KKL apan ukur injeuman pangarang, da dina enas-enasna mah mapagahan barudak sangkan ulah bangor. Ahmad Bakri pinter pisan ngatur komposisi carita, nepi ka nu maca téh henteu ngarasa keur dipapagahan. Umumna, dina buku-buku bacaeun barudak béh ditunakeun, aya kalana urang sok kerung. Remen pahili antara buku nu ngandung leunjeureun carita jeung buku panungtun budi pekerti. Unggal nu maca, bisa jadi béda-béda pamanggihna sanggeusna maca buku téh. Ngan keur kuring sakuringeun, aya nu matak gereget dina KKL téh. Éta, Jang Udin diwarahna ku pangarang mani sakeudeung pisan, ukur méakeun sababaraha kaca. Mun Jang Udin téh ulah waka aya nu nulungan. Da éta wé, basa Jang…
-
MATÉRI NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.