• CONTO WAWACAN BASA SUNDA,  MATÉRI WAWACAN BASA SUNDA

    CONTO WAWACAN BASA SUNDA SMA KELAS 11

    Ganti anu dicarita, Sang Prebu Siliwangi, manahna héran kacida, ku panganggo Nyi Nawangsih, ana nya ku héran teuing, paré saranggeuy geus tangtu, paréntah teu daék béak, taya sudana saeutik, unggal taun leuit kudu baé tambah. Nu kumaha kapiatina, ayeuna meungpeung keur sepi, haying nyaho rék ditéang, panganggona Nyi Nawangsih, Sang Prebu tuluy indit, seug lajeng asup ka dapur, tatapina éta raja, hanteu jongjon rada risih, hanteu kaur balas nyoréang ka tukang. Ti dinya tuluy dibuka, sadayana ditingali, Raja hookeun kacida, ngahuleng barina dzikir, na kumaha héran teuing, nyaur dina jero kolbu, langkung pinter Nawang Wulan, panganggona langkung leuwih, ngan saranggeuy berkatna kabina-bina.

  • MATÉRI PANGAJARAN BASA SUNDA,  MATÉRI WAWACAN BASA SUNDA

    MATÉRI WAWACAN BASA SUNDA SMA KELAS 11

    wawacan téh carita anu lalakonna panjang sarta ditulis maké patokan pupuh. Unggal ganti episodeu biasana dina wawacan mah sok dibarengan ku gunta-ganti pupuh. Pupuh anu méh salawasna digunakeun dina wawacan nyaéta asmarandana, dangdanggula, kinanti, sinom. Maca wawacan biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun saluyu jeung lagu jenis pupuhna. Upama caritana dianggit ku patokan pupuh asmarandana, nya kudu bari ngahariringkeun pupuh asmarandana, kitu saterusna. Upama teu bari ngahariring mah bakal hésé kahartina, lantaran kekecapanana ngudag kana guru lagu jeung guru wilangan.

error: Content is protected !!