-
MATÉRI BIANTARA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Dina kamus basa Sunda R.A. Danadibrata (2006), yén nu disebut biantara téh nyaéta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema. Biantara atawa pidato ogé disebutkeun mangrupa nyarita dihareupeun balaréa, jalma réa (Sacadibrata,2005:72).
-
CONTO BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan. “Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.
-
MATÉRI BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Ari nu disebut biografi nya éta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna téh biasana mah ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu diangap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha lahirna, di mana waé kungsi sakolana, jeung naon waé pagawéanana. Anu penting aya dina biografi nya éta ngeunaan kaunggulan éta jalma nu dianggap tokoh téa jeung préstasi nu kungsi kahontalna. Di sagigireun éta, sok dipedar deuih pangalaman istiméwa anu dianggap penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hadé atawa tuladeun nu aya mangpaatna keur jalma réa.
-
CONTO TÉKS WAWANCARA BASA SUNDA SMA KELAS 10
Conto laporan wangun tanya jawab: Naon nu jadi kasang tukang diciptakeunana pupuh raéhan? leu kreasi seni téh muncul tina pangalaman anu matak ngenes keur sim kuring mah. Hiji mangsa, taun 1999, pun anak anu cikal kudu miluan pasanggiri pupuh. Puguh baé, salaku kolot nu ogé ngulik seni, sim kuring téh bungah. Budak téh satengah dipapaksa. Malah waktu pasanggiri dikacapianana ogé ku sorangan. Tapi pun anak téh éléh, nepi ka ceurik. Majar téh embung deui-deui miluan pasanggiri, keur gé hésé latihanana jaba teu pikaresepeun. Keur sim kuring ieu téh pukulan telak.
-
MATÉRI WAWANCARA BASA SUNDA SMA KELAS 10
Wawancara téh tanya jawab hiji jalma jeung jalma séjén anu tujuanana keur ngumpulkeun informasi. Bisa ogé dilakonan ku dua jalma atawa leuwih, boh nu nanyana boh nu ngajawabna. Tangtu baé anu mikabutuh informasi téh nu nanyana, ari anu dipiharep bisa méré informasi nyaéta jalma anu diwawancara atawa sok disebut ogé narasumber.
-
KUMPULAN SOAL WARTA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Pék pilih jawaban nu dianggap paling bener ku hidep! 1. Di handap ieu wangenan warta sacara basajan nyaéta… a. wawaran atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual tur anyar carék itungan waktu b. Informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian faktual c. wawaran atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual d. Informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian faktual tur anyar carék itungan waktu e. Informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual tur anyar carék itungan waktu
-
CONTO WARTA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo. Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan. Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu hadé kana budayana sorangan, anu ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparan pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda…
-
MATÉRI WARTA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna.
-
KUMPULAN SOAL CARITA PANTUN SMA KELAS 12
1. Nurutkeun hidep naon ari carita pantun téh? 2. Lamun nilik kana guluyuran caritana, cik kumaha struktur carita pantun? 3. Ari rajah dina carita pantun téh naon baé fungsina? • rajah pamuka? • rajah panutup (rajah pamunah) 4. Naon anu disebut papantunan? Jéntrékeun ku hidep! Jawaban Pancén 2 (Buku Basa Sunda Urang Kelas XII, Kaca 123-129) https://sundatve.com/materi-carita-pantun-basa-sunda-sma-kelas/
-
TINGKESAN CARITA PANTUN BASA SUNDA SMA KELAS 12
LUTUNG KASARUNG Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang harita nyaéta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngaranna: Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari, anu panggeulisna.