MATÉRI DRAMA BASA SUNDA SMA KELAS 12
MATÉRI DRAMA BASA SUNDA SMA KELAS 12
Assalamualaikum wr wb
Siswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21.
Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale
Jika ada pertanyaan seputar MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp.
Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA.
KOMPETENSI INTI DAN KOMPETENSI DASAR MATA PELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA JENJANG SMA/SMK/MA/MAK
KOMPETENSI INTI 3 (PENGETAHUAN) |
3. Memahami, menerapkan, menganalisis dan mengevaluasi pengetahuan faktual, konseptual, prosedural, dan metakognitif pada tingkat teknis, spesifik, detil, dan kompleks berdasarkan rasa ingin tahunya tentang (a) ilmu pengetahuan, (b) teknologi, (c) seni, (d) budaya, dan (e) humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait penyebab fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah. |
KOMPETENSI INTI 4 (KETERAMPILAN) |
4. Menunjukkan keterampilan menalar, mengolah, dan menyaji secara (a) efektif, (b) kreatif, (c) produktif, (d) kritis, (e) mandiri, (f) kolaboratif, (g) komunikatif, dan (h) solutif, dalam ranah konkret dan abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah, serta mampu menggunakan metode sesuai dengan kaidah keilmuan. |
KOMPETENSI DASAR, MATERI PEMBELAJARAN, DAN KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kompetensi sikap spiritual dan kompetensi sikap sosial, dicapai melalui pembelajaran tidak langsung (indirect teaching), pada pembelajaran kompetensi pengetahuan dan kompetensi keterampilan melalui keteladanan, pembiasaan, dan budaya sekolah dengan memperhatikan karakteristik mata pelajaran, serta kebutuhan dan kondisi peserta didik.
Penumbuhan dan pengembangan kompetensi sikap dilakukan sepanjang proses pembelajaran berlangsung, dan dapat digunakan sebagai pertimbangan guru dalam mengembangkan karakter peserta didik lebih lanjut. Pembelajaran untuk kompetensi pengetahuan dan keterampilan sebagai berikut.
Kompetensi Dasar |
3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan novel. 4.6. Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan. |
Materi Pembelajaran |
• Fungsi sosial Nilai moral dan pendidikan yang terkandung dalam karangan novel dan bisa diimplementasikan dalam kehidupan sehari-hari. • Struktur Teks Ciri novel Unsur sastra (intrinsik & ekstrinsik) • Aspek Kebahasaan Diksi Ucapan, tekanan kata, intonasi, ejaan, dan tanda baca. Kalimat langsung dan tidak langsung. • Topik Petikan novel yang dapat menumbuhkan perilaku yang termuat dalam KI. |
Kegiatan Pembelajaran |
-Mengidentifikasi unsur-unsur novel dengan cermat. -Memahami isi novel dengan teliti. -Menganalisis bahasa yang dipergunakan serta unsur -intrinsik dalam novel dengan teliti. -Menginterpretasikan isi novel sesuai dengan kaidahkaidahnya. -Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) -Melakukan refleksi tentang proses dan hasil belajarnya. |
MATÉRI DRAMA BASA SUNDA SMA KELAS 12
DAPTAR EUSI (klik)
A. PERKARA DRAMA
Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan).
Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina niru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, hartina tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).
Ari carita drama téh nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, diajangkeun pikeun dilakukeun ku para pamaén (aktor) dina pagelaran. Dina awal wacana, biasana mah ditataan heula palaku, watekna, umurna, jeung ditétélakeun ogé di mana latarna, kumaha kaayaan di panggung, ilustrasi musik, jsté.
Dumasar kana wangunna, drama téh bisa dipasing-pasing jadi wangun lancaran jeung wangun ugeran. Drama wangun lancaran dibacana atawa diucapkeunana dina wirahma basa lancaran, sok sanajan bisa jadi ku cara diréka. Contona: Dakwaan (1954), Bubat (1955), jeung Jalan Lempeng karya RAF, Cahaya Maratan Waja (1964), Tukang Polkan (1966), Ngadagoan Si Jabang (1968), jeung Batu nu Ngahalangan Jalan (1987) karya Yus Rusyana, jstè.
Ari dina wangun ugeran, paguneman téh diwangun dina basa ugeran, boh mangrupa sajak bebas boh nu mangrupa sajak teu bébas. Paguneman anu mangrupa sajak bebas biasana didéklamasikeun. Paguneman dina sajak teu bébas nyaéta paguneman dina wangun pupuh. Macana gé biasana mah dilagukeun (dikawihkeun atawa ditembangkeun). Drama anu pagunemanana ditembangkeun disebut Gending Karesmén. Contona: Ciung Wanara (1924, anonim), Sarkam jeung Sarkim (1928) karya R. Mahyar Angga Kusumahdinata.
Aya drama nu disebut gending karesmén, lantaran dialog atawa monologna sok dilagukeun. Biasana ditulis dina rumpaka sisindiran, kawih, tembang, pupuh, pupujian, jsté. Mang Koko, kungsi nyebut istilah dramaswara kana gending karesmén téh.
B. STRUKTUR TÈKS DRAMA
Sacara lahiriah, wujud karangan drama mah béda jeung karangan-karangan séjénna. Biasana sok aya pertélaan ngeunaan palaku jeung paripolah palaku. Dieuyeuban ogé pertélaan séjénna, kayaning babak jeung adegan, déskripsi dina awal babak, guneman (dialog) para palaku, prolog jeung épilog. Sangkan leuwih tétéla, baris dipedar hiji-hiji ieu di handap:
1. Pertélaan Palaku, anu ngabéréndélkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku. Sok sanajan aya ogé drama anu henteu maké pertélaan para palakuna.
2. Babak jeung adegan, anu ngabagi-bagi karangan drama. Dina hiji babak dilalakonkeun kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu. Unggal babak dibagi jadi sababaraha adegan, nurutkeun robahna kajadian datang atawa inditna palaku. Aya drama anu diwangun ku sababak, jeung aya anu diwangun ku sababaraha babak.
3. Candraan dina awal babak, nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung nu lianna. Biasa ditulis saperluna pisan, henteu mangrupa gambaran anu wincik. Dina sela-sela paguneman ogé osok aya pituduh pondok ngeunaan paripolah palaku. Candraan dina awal babak jeung tuduh laku teh ditulisna ku aksara déngdék/condong (kursif), béda jeung paguneman anu ditulis ku aksara ajeg.
4. Paguneman (Dialog), kalimah langsung para palaku anu silih témpas. Mimiti ditulis ngaran palaku, ditéma ku titik dua, tidinya ditulis omongan éta palaku. Ciri husus tina karangan drama mah nya ku ayana paguneman. Tegesna, paguneman téh mangrupa lulugu tina karangan drama.
5. Prolog jeung Epilog, loba drama anu henteu maké prolog jeung épilog. Prolog téh ditulis dina awal drama, jadi manggalasastra, dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disuguhkeun. Ari épilog mah ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang.
(RANCAGÈ DIAJAR BASA SUNDA KELAS 12)
LATIHAN 1
MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
1. Naon bédana istilah drama, téater, jeung sandiwara téh?
2. Naon nu disebut gending karesmén atawa dramaswara?
3. Naon anu ngabédakeun karangan drama jeung karangan séjénna?
4. Sebutkeun conton judul drama dina wangun lancaran?
5. Jelaskeun bédana téks drama wangun lancaran jeung wangun ugeran!
SUBSCRIBE KUNCI JAWABAN
1. Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina niru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, hartina tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).
2. dialog atawa monologna sok dilagukeun. Biasana ditulis dina rumpaka sisindiran, kawih, tembang, pupuh, pupujian, jsté. Mang Koko, kungsi nyebut istilah dramaswara kana gending karesmén téh.
3…
4…
CONTO NASKAH DRAMA
Si Ujang Jadi Prabu
Babak 1
(Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung.)
Gusti Prabu: | Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung ku rupa-rupa pasualan. |
Paman Léngsér: | Pasualan naon téa, Gusti Prabu? |
Gusti Prabu: | Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu kahiji, rahayat urang téh keur tingkocéak. Saban waktu keuna ku rupa-rupa musibat banjir, lini, runtah, panyakit. Anu kaduana, anak kaula, Si Endén, apan teu waras pipikiranana bari teu cageur-cageur diubaran ka mana-mana ogé. (Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Léngsér bisa méré bongbolongan! Kudu ditumbalan ku naon nagara urang jeung putri kaula téh? |
Paman Léngsér: | (Ngahuleng) Puguh sami, Gusti Prabu. Kaula ogé keur hariwang ayeuna téh? |
Gusti Prabu: | Naha hariwang ku naon, ari Paman? |
Paman Léngsér: | Eu…eu….éta pun alo, Nyi Esih, kamari téh ngalahirkeun, Gusti Prabu. Ari pék orokna téh bedegul, tiasa kokorondangan, jaba tos tiasaeun cacarita. |
Gusti Prabu: | Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak jadi kahariwang Paman? |
Paman Léngsér: | Numawi, Gusti Prabu, éta orok téh rampus pisan sagala dituang. |
Gusti Prabu: | Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat. |
Paman Léngsér: | Sanés kitu, Gusti Prabu, anu dituangna téh sanés kadaharan wungkul. Pepelakan di buruan, anak hayam, malah ka lamak bubututan ogé sok dituang ku orok téh. |
Gusti Prabu: | (Seuri ngagakgak) Ha ha ha….Turunan jurig sugan, Paman! Nya alus ari daék ngadahar lamak bubututan mah, da harga béas keur mahal apan ayeuna téh! |
Paman Léngsér: | Tapi aya ahéngna deuih éta orok téh, Gusti Prabu, tiasaeun ningali naon-naon anu ku urang teu katingal. |
Gusti Prabu: | Alus, bisa jadi paranormal ké Paman. Nya keun heula sual orok mah. Ditanya naon tadi Paman ku kaula téh? |
Paman Léngsér: | Eu..eu…éta Gusti Prabu. Kudu ditumbalan ku naon nagara urang sareng Endén Putri téh? |
Gusti Prabu: | Hmm. Enya. Cing kudu kumaha sangkan nagara urang subur ma’mur, rahayatna henteu tingkocéak, jeung putri kaula bisa cageur? |
Praméswari: | (Nyembah) Hapunten, Kakang Prabu. Unjuk uninga, tadi wengi abdi ngimpen ahéng kacida. |
Gusti Prabu: | Tah, tah…! Ngimpen naon Nyimas, bojo Kakang anu lucu anu geulis? |
Praméswari: | (Gulak-gilek semu gumeulis) Ih, Kakang Prabu mah! Abdi janten geer, asa ngapung, ih. Kieu impénan téh, Kakang Prabu. Abdi ujug kasumpingan ku hiji Resi. Pok éta Resi téh sasauran. “Nagara anjeun bakal subur ma’mur, putri andika bakal cageur, lamun ditumbal ku Tujuh Mustika!” |
Saréréa: | (Reuwas) Tujuh Mustika? |
Gusti Prabu: | Di mana cenah ayana Tujuh Mustika téh, Nyimas? Naha di bumi, naha di laut, atawa di langit? |
Praméswari: | Aya di nagara urang saurna, Gusti Prabu! Kantun urangna nu kedah pinter milarina. |
Gusti Prabu: | Sanggup Paman Léngsér néanganana? |
Paman Léngsér: | Beu, ampun, Gusti Prabu! Bujeng-bujeng kedah milari. Kana rupana ogé kaula mah teu terang. |
Gusti Prabu: | Ké, ké….kudu ku saha cenah Nyimas ditéanganana éta Tujuh Mustika téh? |
Praméswari: | Sang Resi henteu nyebatkeun kedah ku sahasahana, Gusti Prabu, da anjeunna kabujeng ngiles deui. Rupina tiasa ku saha baé. |
Paman Léngsér: | Kumaha upami ku putra Gusti Prabu baé, ku Radén Aria. |
Gusti Prabu: | Tah enya, alus ide téh, Paman! Ngarah engké Si Agus jadi kasohor, nya? Tangtu bakal diliput ku wartawan Televisi. “Tujuh Mustika geus kapanggih ku putra raja ti Karajaan Manoko.” Cas heula ah, paman! Cik urang geroan Si Agusna. Agus! Agus…! Ka dieu! |
Praméswari: | Ih, Kakang Prabu mah. Piraku nyauran ka putra raja mani kitu! Radén…! Radén Aria Lingga Kancana, kituh! |
Gusti Prabu: | Enya, apan sok di-Agus-Agus ku urang téh lin? Agus….! Sagus…! Sagus….! Kadieu! |
(Torojol Radén Aria nyampeurkeun. Ogo, lunggak-linggek. Pakéanana saragam SD.) | |
Radén Aria: | (Ngomongna ogo). Aya naon, Pap! Agus badé ka sakola kalah disauran. Badé naon, sih! |
Gusti Prabu: | Naha wanci kieu tos badé ka sakola. Apan énjing kénéh? |
Radén Aria: | Ih, Papap mah. Apan ayeuna tén dinten Senén, Pap. Kedah upacara Pami kasiangan sok disetrap ku guru. Ih, boring, boring….déh, Pap! |
Gusti Prabu: | Kieu, Agus! Nagara urang téh ayeuna keur dirungkup ku rupa-rupa musibah. Ceuk impian, cenah kudu ditumbal ku Tujuh Mustika! |
Radén Aria: | Naon, Pap mustika téh? Kaulinan? Ih, Agus mah tara maén mustika. Pami maén bal osok. Apan kamari cenah Papap badé mangmésérkeun sapatu maén bal, mana? Ih, boong…, booooong déh Papap mah! |
Gusti Prabu | Ieuh, déngékeun geura. Nagara urang téh kudu ditumbal. Agus sanggup néangan Tujuh Mustika? |
Radén Aria | (Bari ngahormat) Siap, Pap! |
Gusti Prabu | Tah, kitu putra Papap mah! |
Radén Aria | Ka mana milarina, Pap? Ka Borma, ka BIP, ka BS, atawa ka Cimol? Ké Agus bari mésér sapatu maén bal, nya Pap? |
Gusti Prabu | Ah, dasar budak oon manéh mah. (Gogodeg, tuluy ngageroan ka Paman Léngsér) Paman Léngsér! Kieu baé atuh. Paman kudu ngumpulkeun jalma-jalma sakti anu sanggupeun néangan Tujuh Mustika! |
Paman Léngsér | Teu pindo damel, Gusti Prabu! (Sang Prabu jeung para pangiringna kaluar ti panggung.) |
LATIHAN 2
MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
1. Saha baé palaku anu ngalalakon dina adegan drama di luhur téh?
2. Naon anu ngalantarankeun Gusti Prabu baluweng pipikiran?
3. Ceuk Paman Léngsér kumaha kaayaan orok anu kakara lahir téh?
4. Kudu ditumbalan ku naon cenah sangkan nagara ma’mur sarta Endén Putri cageur?
5. Saha ngaranna putra Gusti Prabu téh? Kumaha pasipatanana?
6. Naon ari praméswari téh?
7. Adegan naon ceuk hidep anu pikaseurieun tina éta sempalan drama?
8. Saha ahirna atah rék dititah néangan Tujuh Mustika téh?
SUMBER & REFERENSI
Sumber dan referensi blog ini dirangkum dari beberapa modul & buku:
Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Lisan. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi.
Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut.
Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:
KUMPULAN MATÉRI NOVEL BASA SUNDA LENGKEP
https://sundatve.com/category/materi-novel-basa-sunda/
KUMPULAN SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA LENGKEP
https://sundatve.com/category/sempalan-novel-basa-sunda/
KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA LENGKEP
https://sundatve.com/category/kumpulan-soal-basa-sunda/