MATÉRI DONGÉNG BASA SUNDA SMA KELAS 10
MATÉRI DONGÉNG BASA SUNDA SMA KELAS 10
Assalamualaikum wr wb
Siswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21.
Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale
Jika ada pertanyaan seputar MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp.
Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA.
KOMPETENSI INTI DAN KOMPETENSI DASAR MATA PELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA JENJANG SMA/SMK/MA/MAK
KOMPETENSI INTI 3 (PENGETAHUAN) |
3. Memahami, menerapkan, menganalisis dan mengevaluasi pengetahuan faktual, konseptual, prosedural, dan metakognitif pada tingkat teknis, spesifik, detil, dan kompleks berdasarkan rasa ingin tahunya tentang (a) ilmu pengetahuan, (b) teknologi, (c) seni, (d) budaya, dan (e) humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait penyebab fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah. |
KOMPETENSI INTI 4 (KETERAMPILAN) |
4. Menunjukkan keterampilan menalar, mengolah, dan menyaji secara (a) efektif, (b) kreatif, (c) produktif, (d) kritis, (e) mandiri, (f) kolaboratif, (g) komunikatif, dan (h) solutif, dalam ranah konkret dan abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah, serta mampu menggunakan metode sesuai dengan kaidah keilmuan. |
KOMPETENSI DASAR, MATERI PEMBELAJARAN, DAN KEGIATAN PEMBELAJARAN
Kompetensi sikap spiritual dan kompetensi sikap sosial, dicapai melalui pembelajaran tidak langsung (indirect teaching), pada pembelajaran kompetensi pengetahuan dan kompetensi keterampilan melalui keteladanan, pembiasaan, dan budaya sekolah dengan memperhatikan karakteristik mata pelajaran, serta kebutuhan dan kondisi peserta didik.
Penumbuhan dan pengembangan kompetensi sikap dilakukan sepanjang proses pembelajaran berlangsung, dan dapat digunakan sebagai pertimbangan guru dalam mengembangkan karakter peserta didik lebih lanjut. Pembelajaran untuk kompetensi pengetahuan dan keterampilan sebagai berikut.
Kompetensi Dasar |
3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan novel. 4.6. Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan. |
Materi Pembelajaran |
• Fungsi sosial Nilai moral dan pendidikan yang terkandung dalam karangan novel dan bisa diimplementasikan dalam kehidupan sehari-hari. • Struktur Teks Ciri novel Unsur sastra (intrinsik & ekstrinsik) • Aspek Kebahasaan Diksi Ucapan, tekanan kata, intonasi, ejaan, dan tanda baca. Kalimat langsung dan tidak langsung. • Topik Petikan novel yang dapat menumbuhkan perilaku yang termuat dalam KI. |
Kegiatan Pembelajaran |
-Mengidentifikasi unsur-unsur novel dengan cermat. -Memahami isi novel dengan teliti. -Menganalisis bahasa yang dipergunakan serta unsur -intrinsik dalam novel dengan teliti. -Menginterpretasikan isi novel sesuai dengan kaidahkaidahnya. -Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) -Melakukan refleksi tentang proses dan hasil belajarnya. |
MATÉRI DONGÉNG BASA SUNDA SMA KELAS 10
DAPTAR EUSI (klik)
A. MATERI DONGENG BAHASA SUNDA
Dongeng téh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. Nilik wanda jeung eusina dongeng téh kaasup rekaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mideng tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi ogé sato, buta, atawa mahluk-mahluk séjéna. Kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma.
B. PAPASINGAN DONGENG BAHASA SUNDA
1. Dongéng anu nyaritakeun jalma dina masarakatna jeung dina sajarahna, upama dongéng para raja, para putri, para nabi, patani, tukang dagang. conto dongéng: “prabu silliwangi”, “kéan santang”, “si kabayan”
2. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti: kuya, monyét, peucang, tutut, maung, munding jsb. contona: “kuya jeung monyét”, “peucang keuna ku leugeut”, “kidang jeung ajag”.
3. Dongéng anu nyaritakeun asal usul kajadian tempat, barang , sasatoan, jeung tutuwuhan. contona dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu”, “Sasakala Maung Sancang”, “Sasakala Paré”
4. Dongéng anu nyaritakeun mahluk-mahluk ciptaan, bangsaning jurig jeung siluman, dongéng kieu téh sok aya anu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti naon sababna paré di sawah béak ku beurit, naon sababna aya sasalad panyakit jsb. upamana dongéng “kuntilanak, “munjung”, jeung dongéng ngeunaan tempat anu saranget.
C. UNSUR-UNSUR DONGÉNG
Unsur-unsur dongéng Sunda téh saperti ieu di handap:
a. Jejer (tema)
Téma nyaéta idé, gagasan, atanapi pokok pikiran anu ngajiwaan carita.
b. Latar (sétting)
Latar atawa setting nyaéta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
c. Palaku (tokoh)
Palaku atawa tokoh nyaéta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita. Saban palaku boga pasipatan atawa watek séwang-séwangan, naha sabar, gedé ambek, bageur, atawa angkara murka.
d. Galur (alur)
Galur atawa alur nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
e. Amanat (pesen)
Amanat atawa pesan nyaéta rupaning hal atawa perkara nu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana.
D. RUPA-RUPA BUKU DONGÉNG
Dongéng téh turun-tumurunna ku cara lisan, nu matak kaasup kana wangun sastra lisan. Sacara tradisional dongéng ditépakeun ti generasi ka generasi satuluyna ku cara didongéngkeun deui. Hidep ogé tangtu kungsi ngadangu salah sahiji lalakon dongéng ti sepuh. Nalika urang Sunda geus wanoh kana cara nulis maké aksara, dongéng-dongéng Sunda anu tadina ngan ditepikeun sacara lisan téh tuluy dituliskeun jadi buku.
Ieu di handap ditataan sawatara buku sunda anu ngamuat rupa-rupa dongéng sunda:
1. Wawacan Dongèng-dongéng Tuladan (1863) ditulis ku R.H. Moehamad moesa.
2. Dongéng-dongéng pieunteungeun (1867) ditulis ku R.H. moehamad Moesa.
3. Warnasari Atawa Rupa-rupa Dongéng (1876) ditulis ku R.A. Lasminingrat.
4. Dongéng-dongéng nu Aranéh (1884) ditulis ku R.H. Moehamad Moesa.
5. Dongéng-dongéng Tuladan (1888) ditulis ku Rd. Prawira Koesoemah.
6. Pariboga: Dua Puluh Lima Dongéng Sunda (1911) C.M.
Pleyte (nu ngumpulkeun).
7. Carita Kelenci Jeung Ajag (1912) ditulis ku M. Partadi redja.
8. Carita anu Mashur: Tilu Dongéng Lenyepaneun (1912) ditulis ku R. Satjadibrata.
9. Saruni sarosopan nyaéta Rupa-rupa Dongéng Pépéling (1919), ditulis ku Wadi Wasta jeung Padmadiredja.
10. Dongéng Warna-warna (1920) ditulis ku R. Ardiwinata.
E. PRAK-PRAKAN NULISKEUN DONGÉNG
Paham kana galur carita. Ieu téh jadi modal utama sangkan hidep bisa nuliskeun deui carita na kalawan gambleng. Ulah nepi ka caritana jadi robah tina aslina , atawa teu tamat.
Wanoh kana palaku-palakuna. Palaku-palaku nu aya dina dongéng téh bisa sato, manusa, tatangkalan, atawa mahluk gaib jeung sajabana. Tengetan heula unggal ngaran palakuna jeung watekna .
Tuliskeun deui maké gaya basa anu matak kataji. Ulah formal teuing nuliskeunana, sabab dina téks dongéng kudu Ngandung éksprési anu luyu jeung caritana.
F. PRAK-PRAKAN NGADONGÉNG
Ngadongéng téh hiji kagiatan anu butuh totalitas sangkan matak kataji. Aya sababaraha anu diperhatikeun dina prakprakannana ngadongéng. Pek tengetan ieu di handap!
Paham kana eusi dongéng.
Ieu téh hal anu utama pikeun ngadongéng. tangtu urang kudu geus maca atawa paham kana galur caritana, para palakuna, kajadiannana, sarta rupa-rupa hal anu aya dina eusi dongéng téa. ieu téh jadi modal utama anu wajib dipibanda pikeun nu ngadongéng.
Paké kekecapan nana anu gampang dipikaharti.
luyukeun baé jeung kamampuh hideup pikeun ngadongkeun hiji lalakon. Upama aya kekecapan anu teu di pikaharti, bisa waé diganti ku sasaruana atawa ku kecap anu leuwih basajan.
Ngatur sora.
Dina ngadongéng sora bisa waé ditarikeun atawa dilaunkeun. Tapi tangtuna gé kudu luyu jeung eusi dongéngna. Inotasi (lentong) ogé bakal nangtukeun hirup-henteuna jeung matak kataji henteuna hiji dongéng.
Gerakan leungeun.
Tembongkeun gerakan anu luyu jeung dongéng anu dicaritakeun. Upamana baé, lamun aya anu nyaritakeun ngaharéwos, mangka perlu dipetakan gaya anu keur ngaharéwos. Upama anu keur sumanget, leungeun téh bisa dikeupeulkeun keur némbongkeun sumangetna.
Gerakan panon.
Ieu ogé penting pisan dina prak-prakanana ngadongéng téh. Ulah ningali waé ka luhur atawa ka handap. Pék tonton panonton atawa anu ngaregepkeun dongéng urang. ku cara urang bakal menang perhatian.
Mimik atawa gerak awak kudu eksresif.
Lamun leuleus lungsé dina ngadongéng, moal gé matak narik. Ngadongéng téh kudu ngabarengan ngarobahna intonasi atawa lentong, mimik jeung basasana.
Improvisasi.
Hadé pisan upama urang apal kana caritana. tapi upama poho di tengah jalan, bisa waé ngalakukeun improvisasi téh sabisa-bisa kudu nyambung kénéh kana lalakona.
Percaya diri.
Tangtuna upama urang geus ngawasa eusi jeung rupa-rupa hal pikeun ngadongéng, urang bakal percaya diri. Tembongkeun sikep anu soméah jeung gumbira saméméh ngadongéng. upama geus asup kana caritana, luyukeun eksprési urang jeung kajadian dina carita.
(RANCAGE DIAJAR BASA SUNDA KELAS 10)
LATIHAN 1
- Naon ari dongéng téh?
- Sebutkeun papasingan dongéng?
- Sebutkeun unsur-unsur dongéng?
- Kumaha prak-prakan nuliskeun dongéng téh?
- Kumaha prak-prakan ngadongéng téh?
KUNCI JAWABAN
CONTO NASKAH DONGENG
SASAKALA GUNUNG KENDANG
Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakon nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.
Tapi Ki Sutaarga keukeuh peuteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayar sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.
Pok Ki Dalang sasauran, “Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar ti heula.”
Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaarga téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména. Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyay-enyayan, tembang hégar pisan.
Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalindeng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu maké pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.
Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur-baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang.
Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg harempak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang. Tapi anéh bin ajaib!
Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu nyaho kamana leosna. Nu aya sésana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.
Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Juma’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén ngagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nang-néng-nong. Ditémpas ku sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.
Loba jelema katipu. Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantar peundeuy, jeung nu séjénna, nu dék lalajo ngabring, maranéhna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangka yén nu nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.
Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Di jalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, di mana aya nu kariaan téh. Masing-masing tingpolongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.
Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggel, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedeng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, di komplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.
(dicutat tina file Disbudpar Garut, kenging Warjita saparakanca)
LATIHAN 2
- Naon jejer atawa téma dongéng di luhur?
- Sebutkeun tokoh anu aya dina éta dongéng? Watekna jiga kumaha?
- Kaasup kana wanda dongéng naon?
- Hal-hal pamohalan naon anu aya dina éta dongéng?
- Naon amanat tina éta dongéng di luhur?
SUMBER & REFERENSI
Sumber dan referensi blog ini dirangkum dari beberapa modul & buku:
Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Lisan. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi.
Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut.
Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:
KUMPULAN MATÉRI NOVEL BASA SUNDA LENGKEP
https://sundatve.com/category/materi-novel-basa-sunda/
KUMPULAN SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA LENGKEP
https://sundatve.com/category/sempalan-novel-basa-sunda/
KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA