Uncategorized

  • Uncategorized

    MATÉRI DRAMA BASA SUNDA SMA KELAS 12

    Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan).

  • Uncategorized

    MATÉRI CARITA PONDOK BASA SUNDA SMA KELAS 11

    Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana

  • Uncategorized

    MATÉRI KAWIH BASA SUNDA SMA KELAS 10

    Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah 'ngawih'. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna.

  • Uncategorized

    MATÉRI RÉSÉNSI BASA SUNDA SMA KELAS 12

    Nilik kana istilahna gé geus kaciri, istilah resénsi lain pitu in tina basa Sunda. Istilah resénsi, asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin recensio, recensere, jeung revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nilik kana harti kitu, nu disebut resénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem, atawa pintonan drama jeung musik (konsér).

  • Uncategorized

    MATÉRI PANUMBU CATUR BASA SUNDA SMA KELAS 11

    Panumbu catur atawa moderator téh sakapeung disarua keun jeung panata acara atawa MC (Master of Ceremony). Pa numbu catur jeung panata acara téh aya bédana. Panumbu catur nyaéta nu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sési) kagiatan. Ari panata acara mah nyepeng kadali sakabéh kagiatan. Moderator kakara bisa meunang kadali upa ma geus dihaturanan ku panata acara.

  • Uncategorized

    MATÉRI LAPORAN KAGIATAN BASA SUNDA SMA KELAS 10

    Laporan kagiatan eusina mangrupa sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung. Informasi anu diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser kana lumangsungna kagiatan, waragad, bangbaluh atawa rereged, jeung pasualan-pasualan tèhnis. Ari wangun laporan kagiatan tèh formal sarta biasana dijieun ku organisasi atawa lembaga. Di jerona kudu ngamuat informasi jeung pakta-pakta anu bisa dipertanggung jawabkeun bener henteuna.

  • Uncategorized

    MATÉRI CARITA WAYANG BASA SUNDA SMA KELAS 12

    Carita wayang téh nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna (sumber) tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa (Viyasa). Nurutkeun kamus Danadibrata mah wayang téh asal kecapna tina bayang (kalangkang). Hartina lalakon wangwangan (dikira-kira) adeg-pangadegna jelema, boh lahirna boh batina, diwujudkeun ku peta-peta wayang jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig gamelan.

  • Uncategorized

    MATÉRI SISINDIRAN BASA SUNDA SMA KELAS 11

    Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalusan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak kasigeung atawa nyeri haté.

  • Uncategorized

    MATÉRI DONGÉNG BASA SUNDA SMA KELAS 10

    Dongeng téh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. Nilik wanda jeung eusina dongeng téh kaasup rekaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mideng tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi ogé sato, buta, atawa mahluk-mahluk séjéna. Kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma.

  • Uncategorized

    MATÉRI BAHASAN TRADISI SUNDA SMA KELAS 12

    Bahasan atawa pedaran téh tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina hasil pangalaman sorangan. Tangtuna, aya pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur pamaca. Sabenerna, bahasan téh méh sarua jeung éséy atawa artikel, boh cara nulisna, boh eusina. Ngan dina éséy atawa artikel mah subyéktifitasna (pamanggih nu nulis) leuwih tandes jeung leuwih jelas.

error: Content is protected !!