MATÉRI PANGAJARAN BASA SUNDA
-
MATÉRI WAWACAN BASA SUNDA SMA KELAS 11
wawacan téh carita anu lalakonna panjang sarta ditulis maké patokan pupuh. Unggal ganti episodeu biasana dina wawacan mah sok dibarengan ku gunta-ganti pupuh. Pupuh anu méh salawasna digunakeun dina wawacan nyaéta asmarandana, dangdanggula, kinanti, sinom. Maca wawacan biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun saluyu jeung lagu jenis pupuhna. Upama caritana dianggit ku patokan pupuh asmarandana, nya kudu bari ngahariringkeun pupuh asmarandana, kitu saterusna. Upama teu bari ngahariring mah bakal hésé kahartina, lantaran kekecapanana ngudag kana guru lagu jeung guru wilangan.
-
MATÉRI BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Ari nu disebut biografi nya éta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna téh biasana mah ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu diangap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha lahirna, di mana waé kungsi sakolana, jeung naon waé pagawéanana. Anu penting aya dina biografi nya éta ngeunaan kaunggulan éta jalma nu dianggap tokoh téa jeung préstasi nu kungsi kahontalna. Di sagigireun éta, sok dipedar deuih pangalaman istiméwa anu dianggap penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hadé atawa tuladeun nu aya mangpaatna keur jalma réa.
-
MATÉRI SAJAK BASA SUNDA SMA KELAS 10
Sajak téh bagian tina puisi. Ari istilah puisi' dina basa Sunda mah jembar pisan, béda jeung istilah 'puisi' dina basa Indonésia anu sok disaruakeun jeung sajak'. Dina basa Sunda, puisi téh sarwaning karangan dina wangun ugeran kayaning sisindiran, kakawihan, mantra, guguritan, jeung sajaba ti éta. Sabalikna tina prosa, sarwaning karangan dina wangun lancaran.
-
MATÉRI AKSARA SUNDA SMA KELAS 10
Aksara ngalagena atawa disebut ogé aksara wianjana téh aksara konsonan hirup, sabab sakabéhna geus boga sora vokal /a/. Jumlahna aya 23 aksara nu kabagi jadi 18 aksara pikeun sora asli basa Sunda, jeung 7 aksara pikeun sora tina basa serepan.
-
MATÉRI CARITA BABAD BASA SUNDA SMA KELAS 10
Dina kamus LBSS (2017) ditétélakeun yén nu disebut babad téh dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah. Ari Iskandarwassid dina buku Kamus Istilah Sastra (1996) nerangkeun kieu: carita babad téh carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon.
-
MATÉRI WAWANCARA BASA SUNDA SMA KELAS 10
Wawancara téh tanya jawab hiji jalma jeung jalma séjén anu tujuanana keur ngumpulkeun informasi. Bisa ogé dilakonan ku dua jalma atawa leuwih, boh nu nanyana boh nu ngajawabna. Tangtu baé anu mikabutuh informasi téh nu nanyana, ari anu dipiharep bisa méré informasi nyaéta jalma anu diwawancara atawa sok disebut ogé narasumber.
-
MATÉRI NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.
-
MATÉRI ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12
Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) nu populér ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat dina média massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian.