MATÉRI BIOGRAFI BASA SUNDA
-
CONTO BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan. “Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.
-
MATÉRI BIOGRAFI BASA SUNDA SMA KELAS 11
Ari nu disebut biografi nya éta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna téh biasana mah ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu diangap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha lahirna, di mana waé kungsi sakolana, jeung naon waé pagawéanana. Anu penting aya dina biografi nya éta ngeunaan kaunggulan éta jalma nu dianggap tokoh téa jeung préstasi nu kungsi kahontalna. Di sagigireun éta, sok dipedar deuih pangalaman istiméwa anu dianggap penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hadé atawa tuladeun nu aya mangpaatna keur jalma réa.