KUMPULAN SAJAK BASA SUNDA
-
KUMPULAN SAJAK BASA SUNDA
Grand Prix Godi Suwarna Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu da startna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud tapakna, cék haté anjeun harita. Jalan lempeng, Jalan nanjak, pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. "I can't get no satisfaction!" sora kasét gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa, Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit, mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu tacan témbong kelemengna. "Boa sapéngkolan deuil" omong anjeun sabot setir guwar-giwar. "Boa di itu péngkolan!" cék…