CONTO WARTA BASA SUNDA
-
CONTO WARTA BASA SUNDA SMA KELAS 11
Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo. Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan. Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu hadé kana budayana sorangan, anu ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparan pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda…