CONTO TÉKS WAWANCARA BASA SUNDA
-
CONTO TÉKS WAWANCARA BASA SUNDA SMA KELAS 10
Conto laporan wangun tanya jawab: Naon nu jadi kasang tukang diciptakeunana pupuh raéhan? leu kreasi seni téh muncul tina pangalaman anu matak ngenes keur sim kuring mah. Hiji mangsa, taun 1999, pun anak anu cikal kudu miluan pasanggiri pupuh. Puguh baé, salaku kolot nu ogé ngulik seni, sim kuring téh bungah. Budak téh satengah dipapaksa. Malah waktu pasanggiri dikacapianana ogé ku sorangan. Tapi pun anak téh éléh, nepi ka ceurik. Majar téh embung deui-deui miluan pasanggiri, keur gé hésé latihanana jaba teu pikaresepeun. Keur sim kuring ieu téh pukulan telak.