CONTO ARTIKEL BASA SUNDA
-
CONTO ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12
Geus jadi kailaharan ayeuna mah. Mun urang Sunda biantara, atawa cacarita di hareupeun balaréa, sok tara poho nyebut “sampurasun”. Siga geus jadi kakuduan. Atuh nu diajak cacaritana, atawa jalma réa nu nyaksianana, rampak ngajawab “rampés”. Bari éta téh teuing apaleun teuing henteu, naon maksudna “sampurasun” nu dijawab ku “rampés” téh.